Showing posts with label Contoh Pidato Sunda. Show all posts
Showing posts with label Contoh Pidato Sunda. Show all posts

Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Internet

Posted by Anonymous Monday, February 6, 2012 0 comments
Contoh Naskah Pidato | Biantara Basa Sunda Tema Internet
Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana.  seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb

Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb

Pidato Bahasa Sunda yang lainnya:
Pidato Bahasa Sunda Tema Kabersihan
Pidato Bahasa Sunda Tema Kabudayaan

Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Singkat

Posted by Anonymous Friday, April 15, 2011 0 comments
Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Kebersihan di lingkungan oge kabersihan diri urang sautuhna. Pidato ieu manawi cocok kanggo nu nuju meryogikeun bahan kanggo conto dina ngadamel pidato bahasa sunda.
Assalamualaikum wr wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun...
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu  nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb.

Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Kebudayaan

Posted by Anonymous Thursday, April 14, 2011 0 comments
Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Ngeunaan Kabudayaan Sunda Nu Ku Urang Kedah Dimumule
Assalamu’alaikum w. w.
Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.

Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.
Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.
Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.
Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya.
Wassalamualaikum w. w.

Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Kebersihan

Posted by Anonymous 0 comments
Contoh Pidato Bahasa Sunda Ngeunaan Kabersihan Lingkungan
Asalamu’alaikum wr. wb
Para hadirin anu ku simkuring di pihormat, alhamdulilah danget ieu urang sadayana tiasa pateupung lawung pa amprok jonghok, dina raraga urang mi eling kanu jadi kabersihan Jawa Barat.

Hadirin anu ku simkuring di pihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, sabaaraha kota di Jawa Barat teh tos sering kenging piala adipura ku sabab kabersihanana, endah sareng asri. Ku kituna urang sadayana keudah ngajagi kana eta kapercanteunan pamarentah ka urang sunda umumna. Tapi, aya wae masarakat sunda anu sok miceun sampah timana wae. Sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kususna di kota urang sorangan jeung umumna di Jawa Barat.

Hadirin anu ku simkuring di pihormat, kalintang betah janten urang sunda. Atuh teu aya lepatna lamun ku urang di jaga pasti – pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun kakayaan anu di piboga, ku urang di lestarikeun sangkan Jawa Barat, leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna. Hayu urang babarengan ningkatkeun mempertahan keun Jawa Barat, kota Intan, Jawa Barat kota pangirut.

Rupina mungsakitu nu tiasa di dugikeun, bilih luhur saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan dina cumarios, ka sadayana neda tawakup anu kasuhan.

Wabillahi taufik walhidayah

Contoh Pidato Bahasa Sunda | Conto Pidato Basa Sunda

Posted by Anonymous Sunday, April 10, 2011 0 comments
Pidato Bahasa Sunda dengan tema tentang "Perluna Kaum Rumaja Dina Ngamumule Basa Sunda Dina Raga Ngamekarkeun Budaya Nasional"

Wilujeung Enjing sadayana
Ibu/bapak, saderek sadaya, sareng rerencangan rumaja nu aya di ieu tempat sareng nu ku simkuring dihormat. Wasta abdi Glory Gelarich ti IX A. Dina waktu ieu simkuring baris medar biantara anu judulna : PERLUNA PARA RUMAJA NGAMUMULE BASA SUNDA DINA RARAGA NGAMEKARKEUN BUDAYA NASIONAL.

Para saderek sadayana.
Unggal bangsa di dunya tangtuna oge boga basa masing-masing anu dijadikeun alat pikeun ngayakeun hubungan antara hiji jelema jeung jelema sejenna dina hirup kumbuh sapopoe. Ku alatan basa jelema bisa muaskeun kabutuhan senina ku jalan ngareka basa sangkan nimbulkeun ajen seni. Ku sabab basa jelema bisa nambahan pangaweruh jeung ngamekarkeun pikiranana. Basa oge mangrupakeun ciri mandiri hiji bangsa. Dina basa kasimpen kabudayaan hiji bangsa. Tegesna mah basa teh nunjukkeun hiji bangsa.
Urang sadaya parantos terang yen nagara Indonesia teh ngabogaan adat, suku, basa, agama, jeung tata kahirupan anu beda-beda di unggal tempat. Syukur ku ayana Pancasila anu mangrupakeun dasar nagara, sanajan beda-beda kabudayaan jeung tata kahirupan oge tapi tetep dina hiji beungkeutan, Negara Kesatuan Republik Indonesia anu ngabogaan motto Bhineka Tunggal Ika.

Salah sahiji unsur tina budaya teh nyaeta basa. Basa Sunda jeung budaya Sunda mangrupakeun hiji hal anu deket pisan hubunganana anu teu bisa dipisahkeun. Lamun urang nyaritakeun basa Sunda hartina urang nyaritakeun budaya Sunda.Sanajan nagara netepkeun basa Indonesia jadi basa nagara, tapi basa daerah tetep dipiara jeung dimekarkeun ku nagara. Basa daerah ku nagara dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun jeung ngadukung budaya daerah, jeung jadi basa panganteur di sakola dasar. Di daerah sorangan basa teh mangrupakeun lambang kareueus daerah, ciri daerah, jeung alat komunikasi dina kulawarga jeung masyarakat daerah. Salah sahiji cara pikeun nanjeurkeun kabudayaan daerah diantarana ku jalan ngamumule basa Sunda, babakuna mah ku para rumaja.

Lamun ku urang dibandungan dina kahirupan sapopoe, katinggalina para rumaja ayeuna loba anu kurang wanoh kana basa Sunda. Memang, henteu sakabeh rumaja di Jawa Barat ngabogaan sikep saperti kitu. Tapi hal ieu kudu jadi kaprihatinan urang sarerea. Sabab saha deui anu bakal miara basa Sunda teh iwal ti urang sadayana, para rumaja. Ulah nepi ka urang Sunda teu wawuh kana basa Sunda. Kacida teungteuingeunana lamun hal eta karandapan ku urang Sunda.

Naon sababna rumaja ayeuna asa kurang reueus kana basa Sunda. Lamun dipaluruh, salah sahiji sababna nyaeta ayana anggapan yen basa Sunda teh hese diulik, hese dilarapkeun dina kahirupan sapopoe, teu demokratis, kapangaruhan ku feodalisme, basa Sunda teu ngindung ka waktu teu ngabapa ka jaman, jeung rea-rea deui alesan sejenna.
Padahal dina jaman ayeuna anu disebut era globalisasi jeung era informasi, babari pikeun urang neangan sumber, alat atawa literatur keur neuleuman basa Sunda, boh eta dina tipi, radio, buku, majalah, atawa koran.

Da kumaha ieu mah, lamun lalajo tipi nu dilalajoanan teh saukur pilem luar negeri jeung acara musik wungkul. Sinetron basa Sunda, wayang, hiburan tradisional Sunda, jeung acara nu ngagunakeun basa Sunda mah jigana tara ditolih-tolih acan salian ti lalaguan. Kuduna mah urang teh ngarasa reueus kusabab di Jawa Barat, di tatar Sunda loba pangarang anu produktif,anu bukuna bisa dibaca ku urang, aya keneh majalah jeung koran basa Sunda anu bisa dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun basa jeung budaya Sunda.

Dina kasempetan ieu kuring umajak ka para saderek sadaya, hayu urang babarengan miara basa Sunda. Nya rumaja ayeuna nu boga tanggung jawab pikeun ngamumulena. Mun ti ayeuna geus ngapilainkeun ka basa sorangan, eta teh karugian keur urang tatar Sunda hususna, jeung nagara umumnya.

Sakali deui kuring umajak, ngamumule basa Sunda teh lain tanggung jawab pamarentah wungkul, lain tanggung jawab sastrawan jeung budayawan Sunda wungkul, tapi tanggung jawab urang sarerea, para rumaja.Saha deui nu baris ngajaga hirup-huripna, ngariksa, miara basa Sunda teh iwal ti urang. Lamun urang ngamumule basa Sunda lain hartina urang primordialis atawa provinsionalis, tapi urang geus ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah, budaya nasional, geus milu partisipasi dina pangwangunan PJP II utamana di Jawa Barat.

Basa Sunda teh milik urang, milik urang Sunda, milik nagara Indonesia. Maju mundurna basa Sunda, mekar henteuna basa Sunda gumantung ka urang, para rumaja.
Mung sakieu biantara ti simkuring. Hapunten pami aya cariosan anu kirang merenah dina manah. Hatur nuhun ka sadayana.

Hatur Nuhun

Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda

Posted by Anonymous Monday, April 4, 2011 0 comments
Contoh Naskah | Teks Pidato Bahasa Sunda Singkat. Sagala Nuaya dina pidato ieu mung saukur conto, mangga diedit deui sasuai sareng kaperyogian urang.
Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boga catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh ”
ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.
Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamu’alaikum wr.wb.

Silahkan Baca juga beberapa contoh pidato bahasa sunda yang lainnya.
Pidato Bahasa Sunda Tema Kabersihan
Pidato Bahasa Sunda Tema Kabudayaan
Pidato Bahasa Sunda Tema Internet